Saturday, July 26, 2014

Khutbah idul fitri Ngahontal Kabagjaan Dunya Akherat

اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ الله وَبَرَكَاتُهُ
الله أكبر  الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله الله اكبر الله اكبر ولله الحمد
الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا لااله الا الله وحده صدق وعده ونصر عبده وأعز جنده وهزم الأحزاب وحده. لااله الا الله ولانعبد الا اياه مخلصين له الدين ولو كره الكافرون لااله الا الله  و الله اكبر الله اكبر ولله الحمد
وخَتَمَ شَهْرَالصِّيَامِ لِلْمُخلِصِيْنَ. وَجَعَلَ فِي طَاعَتهِ عِزَّ الدُّنْيَا وَالاَخَرَةِ لِلطَّئِعِيْنَ .  .الحمد لله الَّذِيْ جَعَلَ الْيَوْمَ عِيْدًا لِعِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ 
. أشهد أن لااله الا الله وحده لا شريك له وأشهد أن محمدا عبده ورسوله
اللّهمّ صلّ وسلّم على سيّدنا محمّد وعلى جميع اصحابه ومن واله . (امّا بعد)
فَيَاعِبَادَ اللهِ : اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَ اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ: يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ اَمَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ

Hadirin wal hadirot anu baragja
Langkung ti payun hayu urang sasarengan muji syukur ka hadirot Alloh swt. Anu salamina maparin nikmat karunia ka samudaya abdi-abdina kalebt urang sadaya. Anjeuna anu parantos nuju sareng bakal maparin nikmat nu te mungkin tiasa kaetang seueurna, ti kawit nu teu karaos sabage nikmat sapertos urang tiasana ngambekan kalayan lancar, sareng sajabina. Nikmat –nikmat ieu dipaparinkaeun ka urang sadaya tanpa pandang bulu, sabage buktos yen anjeuna teh kagungan sifat Ar Rahman. Di sagedengen eta Anjeuna parantos ngajangjikeun bakal maparin nikmat di akherat khusus ka sing saha nu taat bakti ka Mantenna kagungan sifat Ar Rahiim.
Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin wal hadirot nu dimulyakeun ku gusti Alloh
Ayeuna urang sadaya nujuu kariung kasiput ku rasa gumbira sareng bagja.       
Urang sadaya ngaraos gumbira ku ayana parantos lulus dina ujian pisik sareng mental nu parantos dilakonan dina waktos sasasih dina sasih Ramadhan nu nembe kalangkung. Dina waktos siang urang diuji supados nahan lapar; dina waktos wengi diuji ku ngirangan kulem kanggo ngalakonan shalat taraweh, tadarusan sareng sajabina. Di sagedengeun eta oge urang ditatar supados ningkatkeun daya tahan mental, sapertos; sabar, saged dina ngalakonan tugas, taat disiplin dina sagala widang kalebet disiplin waktos sareng nu sanesna. Nya ku salse sareng reresna tina saum ieu teh ngaraos gumbira, sakumaha lazimna jalmi, sok ngaraos gumbira saumpami tugas suci tidunungana parantos dilaksanakeun sasae-sasaena. Rosululloh saw. Kantos ngadawuh kieu:
 فَرْحَتَانِ فَرْحَةً عِنْدَ فِطرِهِ وَفَرْحَةً عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِلِلصَّائِمِ
“ Pikeun jalma nu puasa aya dua kabungahan, nyaeta kabungahan dina waktu buka jeung kabungahan dina waktu tepung jeung Pangeranana ( dialam akherat engke )”. ( Hadits Riwayat Muslim )

Namung hanjakal, nuju asyik urang ngalakonan ibadah,teu karaos yen sasih Ramadhan teh geus tega ngantunkeun  urang, padahal urang can tangtos tiasa tepang deui sareng eta sasih dina taun payun.
Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin wal hadirot nu dimulyakeun ku gusti Alloh
Kalamangsa urang sadaya diliputan ku kagumbiraan, kapuasan tur kabagjaan, seueur oge sasama urang nu dina waktos kiwari teh nuju gaduh rarasaan sawngsulna. Aranjeuna nuju nuju kariung kasiput ku kabingung, sedih kingkin tanpa tanding, sanes lepat indung nu ngandung nanging buruk suratan tangan sendiri. Sanes kahoyong nyalira janten jalmi katalangsara, sanes pilihan nyalira hoyong ngajadi miskin, nanging taqdir ti nu Maha Kawasa. Hadirin sadayana, saha tea aranjeuna teh? Taya sanes nyaeta fakir miskin sareng nu katibanan bencana alam.
Aranjeuna pisan nu peryogi kenging bantosan ti saderek-saderek nu kenging kanugrahan ti Gusti Alloh sapertos urang sadaya. Nya kanggo nyantunan jalmi-jalmi nu samodel kie pisan urang di sagedengeun diwajibkeun saum oge diwajibkeun ngaluarkeun zakat fitrah. Sakumaha kacatet dina Kitab Hadits, kieu :
فَرّضَ رَسُوْلُ الله ص.ل.ع.م زَكَاةَ الْفَطْرِ طُهْرَةً لِلصَّائِمِ وَطُعْمَةً لِلْمَسَاكِيْنِ
“ Geus diwajibkeun ku Rosululloh saw. Zakat fitrah, sabage pangbersih pikeun nu puasa jeung sabage panyuguhan pikeun jalmi-jalmi miskin......” ( H.R. Abu Dawud sareng Ibnu Majah )

Nya sabgae fahaman tina hadits-hadits kasebat diluhur, urang sadaya wajib merhatoskeun nasib jalmi-jalmi nu kirang mampu, sarta urang teu kenging ngamangsabodokeun atanapi egoistis sareng vested interest atanapi teu hoyong terang kana kajadian  nu kaalaman tatangga urang.
Rosululloh saw. Ngadawuh kieu :
لَيْسَ الْمُؤْمِنُ الَّذِىْ يَشْبَعُ وَجَارُهٌ جَائِعٌ عَلَى جَنْبِهِ ( البيْهَقِى )
“ Jalma mu’min teh lain jalma nu ngarasa wareg padahal tatanggana di gigireuna kalaparan. “
Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin wal hadirot nu baragja
Hikmah nu kakandung ku pangalaman puasa teh seueur pisan, nu di antawisna nyaeta, “ Ngadidik diri supados nanceb dina manah rasa welas asih ka fakir miskin . “ Jalmi nu saum bakal ngaraoskeun , kumaha peurihna patuangan dina waktos hoyong barang teda, kumaha dahagana mun hoyong ngaleueut. Nu sarupi kieu teh utamina karaos dina tengah dinten nu panas mentrang mentring, nu dina saat eta biasana patuangan diraraban. Nya dina detik-detik eta pisan bakal rusras parasaan dina manah, yen kapeurih nu langkung-langkung sacara rutin sareng kontinyu nyusup kana beuteung fakir miskin jeung nu nandangan bencana alam. Kapeurihan eta bakal langkung obat karaosna ku aranjeuna, margi sanes ngahaja nahan diri anjeun teu barang tuang, tapi kapaksa ku teu aya tuangeun sareng leueuteun.

Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd

Hadirin wal hadirot nu dimulyakeun ku gusti Alloh
Sadaya manusa nu nhirup dikolong langit ieu teu kaiwal pada ngaharepkeun kabagjaan. Naha manehna teh jalma leutik atawa jalma gede, boh bodo boh pinter, boh ra’yat boh pajabat, sadayana ngaharep kasalametan, kabagjaan, tur kajatnikaan. Ari bentanna ngan dina hartos “ naon kabagjaan teh “ sareng  “ cara ngahontal eta kabagjaan “ .
Sadaya jalmi dina ngudag kabagjaanana teh ku cara sewang-sewangan, gumantung kana kamampuhan phisik sareng pikiranana, nyakitu deui gumantung oge kana kapercayaan agamana.
Jalmi nu ngagem agama Islam sapertos urang sadaya tinangtos ngagaduhan tujuan hirup nu tangtos, nyaeta hoyong bagja di dunya sareng di akherat. Ieu hal teh parantos direstui ku Gusti Alloh swt. Da dina Kitab Suci Al Quran aya pituduh du’a sarupi kieu :
رَبَّنَا اتِنَا فَالدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَاب النَّارِ
“ Nu pangeran abdi sadaya, paparinkeun ka abdi sadaya kasaean di dunya sareng diakherat,tur mugi di jaring tina siksa naraka .”
Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin wal hadirot jamah idil fitri nu dimulyakeun ku gusti Alloh
Sikeup manusa kana kadunyaan aya sababaraha rupi, aya nu cintaeun pisan sahingga seep waktos ku ngungudag eta kadunyaan. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, nu mana siang nu mana wengi ampir teu jelas pikeun anjeuna mah. Kadunyaan eta mungkin rupining harta, tahta , atanapi wanita.
Nanging aya deui ana sawangsulna, nyaeta nu sieuneun ku kadunyaan.
Maneh na indit ka guha-guha pikeun muja samedi, sebab manehna nganggap yen kadunyaan teh hiji hal nu matak nyilakaken ka dirina.
Hadirin sadaya kumaha sikap urang sebagai ummat islam? Kumaha tuntunan islam ngenaan hal kadunyaan? Sikap urang nyaeta, teu cinta pisan tur teu ngewa tapi di tengah-tengah. Urang kedah tiasa mungsikeun eta kadunyaan sabage sarana pikeun ngudag kabagjaan hakeki di alam akherat.
            Dina Al Quran Ali Imran ayat 14 aya pidawuh Allah kieu :
زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِيْنَ وَالْقَنَاطِيْرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْاَنْعَامِ وَالْحَرْثِ .......
“dijadiken hiasan dina (pandangan) manusia kacintaan kana naon-naon nu dipicinta, rupaning wanita-wanita, anak-anak, jeng harta nu rea tina jinis : emas, perak, kuda pilihan, ingon-ingon, jeng sawah kebon. Eta teh kasenengan hirup di dunya : sedengkeun di mungguhing Allah tempat balik nu hade.
1.    cinta ka wanita
Kacintaan manusa kana kadunyaan nu kahiji nyaeta cinta ka wanita (mun pameget ) atanapi cinta ka pameget (pikeun wanita). Kacintaan ieu parantos di takdirkeun ka gusti nu maha suci, sakumaha dawuhana-a:
وَجَعَلَ بَيْنَكُمْ مَوَدَّةً وَرَحْمَةً ( الرُّوم : 21 )
“mun hartosan, jeung mantena ngajantenken rasa cinta asih diantara maranehna”
Nanging dina cara ngalaksanaken eta kacintaan aya dua rupi jalan. Jalan kahiji nyaeta eta kacintaan disorangna ku jalan nu leres, nu di pirido ku gusti nu maha suci, jalan aqad nikah. Ari jalan nu kadua, nyaeta anu nyimpang tina bebeneran nyaeta hawa nafsuan dilajur tanpa mikir deui, jalan naon wae disorang, pokona asal kasorang jeung laksana nu di pihayang.
Kacintaan hiji pameget ka hiji istri teh diibaratkeun hubungan kabel listrik nu positif kanu negatif. Upami eta hubunganana numutken prosedur nu sa mistina tinangtos bakal nyandak manfaat pikeun katut balarea. Namung upami hubunganana henteu numutkeun prosedur tinangtos bakal terjadi korsluiting serta ngakibatkeun hal-hal nu vata. Malihan bakal ngadurukka sakur nu aya di sakulibengeunana. Tah kumargi kitu dimana sang micinta sang wanita nya kedah di follow-up keun kunu pikarido ku gusti Allah nyaeta aqad nikah.
2.    Cinta ka anak
Hadirin wal hadirot nu baragja
Hiasan nu kadua pikeun manusia nyeta cinta ka anak. Tiap-tiap jalmi di hias dirina ku cinta ka anak. Tapi cinta ka putra teh aya wates wangenna, nyaeta ulah ngalangkungan kana cinta gusti nu maha suci. Cinta ka putra ulah dugi  ka ngakibatkeun lipurna cinta ka gusti Allah, tapi sawangsulna si putra teh di usahaken sarta dijadiken anak shaleh nu bakal ngadu’aken tur ngabagjaken ka ibu rumana dina waktos nu bakal dongkap. Ulah kajantenan wawangsulna, nyaeta bakat ku cinta teh dugi ka lepat ngasuh, nu akibatna ngusrukeun eta putra kana jurang ka hinaan sareng kacilakaan.
3.    Cinta kana harta nu rea
Hadirin wal hadirot anu baragja
Anapen hiasan mu katilu nyaeta cinta kana harta nu seuer. Sakur manusa ditaqdirkeun ku gusti Allah micinta kana harta banda nu seuer. Ku margi kitu, mun andena aya jalmi teu resep kana eta harta nya kurang normal, ari harta nu sok dipicinta teh dipirinci dina Al-Quran, nyaeta mangrupi : emas, perak, kuda pilihan (kendaraan), ingon-ingon, sareng sawah kebon, nanging urang kedah emut, yen harta teh bakal di hisab (diperhetangkeun) ku gusti Allah di poe kiamah. Sakumaha pidawuh nabi Muhammad SAW nu kie unggelna :
لَاتَزُوْلُ قَدَمَا عَبْدٍ يَوْمَالْقِيَامَةِ حَتَّى يُسْئَلُ عَنْ اَرْبَعٍ : عَنْ عُمْرِهِ فِيْمَا اَفْنَاهُ وَعَنْ جِسْمِهِ فِيْمَااَبْلَاهُ وَعَنْ عِلْمِهِ مَاعَمِلَ بِهِ وَعَنْ مَالِهِ مِنْ اَيْنَ اكْتَسَبَهُ وَفِيْمَا اَنْفَقَهُ .
“can-can lengit tapak sukuna hiji hamba di poe kiamah ges pok di tanya ngenaan opat hal : ngenaan umurna, ker naon dibeakenana, ngeunaan badanna keur naon dipakena, ngenaan elmuna ker naon nu ges diamalkenana. Jeung ngeunaan harta bandana ti mana menangna jeng kana naon di balanjakeunana (H.R. at turmudzi)
Oge peryogi diemutken yen harta nu ka urang di udag siang wengi, hulu dijieun suku suku dijieun hulu teh, anu upami parantos hasil sok di tumpuk mangrupi gedong sigrong, perhiasan, atanapi nu sanesna kamungkinana mun aya dua wae nyaeta mun sanes manehna nu ninggalkeun urang nya urang ninggalken manehna margi seuer kajantenan, jalmi nu kamarina beurat heunghar tapi dinten ie ngadadak janten sangsara, naha ku kahuruan, naha ku kapalingan, naha ku katimpah bencnan alam atanapi nu sanesna. Tah kumargi kitu kahirupan dunya teh ulah dijantenkeun tujuan hirup tapi kedah dijanteunken tujuan perantara margi tujuan hirup mah teu aya deui iwal ti ngudag ridho Allah,sakumaha pidawuhna :
ذَالِكَ مَتَاعُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَاللهُ عِنْدَهُ حُسْنُ الْمَآبِ ( ال عمران : 41 )
“wanita, putra jeng harta” teh “ngan sakedar” ka senengan dunya sadengken mungguhing Allah aya tempat pang balikan nu hade (nya eta syurga)
 Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin  Wal Hadirot Nu Sami Sami Ngaharep Kabagjaan Dunya Akhirat !
Pikeun ngudag kabagjaan dunya jeung akhirat teh peryogi urang merhatoskeun ayat-ayat tur hadist-hadist di handap ieu :
وَابْتَغِ فِيْمَآ آتاكَ اللهُ الدَّارَ الآخِرَةِ وَلَاتَنْسَ نَصِيْبَكَ مِنَ الدُّنْيَا .
“jeung pek teangan dina naon-naon nu geus dipaparingkeun ku gusti Allah ka maneh (kabagjaan) nagri akhirat, tapi maneh ulah poho kana bagean maneh tina (kani’matan) dunya”. (QS al qashash : 77 )
Singsaha nu ngahareupken tepung jeung pangeranana nya manehna kudu ngalakuken amal shaleh jeng manehna ulah pisan nyakutukeun salah saurang oge dina ngabdi ka pangeranana.(QS al – kahfi : 110)
فَمَنْ كَانَ يَرْجُوْالِقَاءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحً وَلَايُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ اَحَدًا .
Sadawuh Rasulullah SAW :
مَنْ اَرَادَ الدُّنْيَا فَعَلَيْهِ بِالْعِلْمِ وَمَنْ اَرَادَ الْآخِرَةِ فَعَلَيْهِ بِالْعِلْمِ وَمَنْ اَرَادَهُمَا فَعَلَيْهِ بِالْعِلْمِ .
“ sing saha nu ngaharepkeun kabagjaan dunya nya kudu ku elmuna, singsaha ngaharepkeun  kabagjaan akherat nya kudu elmuna jeung sing saha nu ngaharep keun kabagjaan duanana (dunya akhirat) nya kudu ku elmuna oge”
Allohu Akbar ( 3x ) Walillahil Hamd
Hadirin Wal Hadirot Kakasih Alloh
Mung sakitu khutbah kahiji, mudah-mudahan nya mangfaatna kanggo urang sadayana.
Amien ya Rabbal Alamin
وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ                                                                      
Khutbah ke dua
اللهُ الله أكبر  الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله الله اكبر الله اكبر كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ.
الحَمْدُ للهِ رَبِّ العَالمَيِنَ وَلا عُدْوَانَ إلا عَلىَ الظَّالِمِيْنَ وَالصَّلاةُ وَالسَّلامُ عَلَى سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ سَيِّدِ المُرْسَلين وَإمَامِ المُتَّقِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ.
 اللهم اغفِرْ لِلْمُسْلِمينَ وَالمْسُلْماتِ والمؤمنينَ والمؤمناتِ وَاَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِهِمْ وَأَلِّفْ بَيْنَ قُلُوبِهِمْ وَاجْعَلْ قُلُوْبَهُمْ عَلَى قُلُوبِ خِيَارِهِمْ اللهُمَّ اغْفِرْ لاَحْيَائِنَا وَأَمْوَاتِنَا وَألِّفْ بَيْنَ قُلُوبِنَا وَاَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِنَا وَاْجعَلْ قُلُوبَنَا عَلى قُلوُبِ خِيَارِناَ رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلًّا لِلَّذِينَ آَمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَءُوفٌ رَحِيم رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا ذُنُوبَنَا وَإِسْرَافَنَا فِي أَمْرِنَا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِين
اللهمَّ انْصُرْ جُيُوسَ المُسْلِمِيْنَ وَعَسَاكِرَ المُوَحِّدِيْنَ وَدَمِّرْ أَعْدَاءَكَ أَعْدَاءَ الدِّينِ وَأَعْلِ كَلِمَتَكَ إلي يَوْمِ الدِّينِ اللهُمَّ انْصُرْ دُعَاتَنَا وَعُلَمَائنَاَ المَظْلوُمِيْنَ تَحْتَ وَطْأَةِ الظالِمِين وَفِتْنَةِ الفَاسِقِينَ وَحِقْدِ الحَاقِدِيْنَ وَبُغْضِ الحَاسِدِين وَخِيَانَةِ المُنَافِقِيْنَ
رَبَّنَا إِنَّنَا سَمِعْنَا مُنَادِيًا يُنَادِي لِلْإِيمَانِ أَنْ آَمِنُوا بِرَبِّكُمْ فَآَمَنَّا رَبَّنَا فَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوبَنَا وَكَفِّرْ عَنَّا سَيِّئَاتِنَا وَتَوَفَّنَا مَعَ الْأَبْرَارِ رَبَّنَا وَآَتِنَا مَا وَعَدْتَنَا عَلَى رُسُلِكَ وَلَا تُخْزِنَا يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِنَّكَ لَا تُخْلِفُ الْمِيعَادَ رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلًّا لِلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَءُوفٌ رَحِيم رَبّنا اغْفِرْ لنا وَلِوَالِدَيّنا وَلِمَنْ دَخَلَ بَيْتِنا مُؤْمِنًا وَلِلْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَلَا تَزِدِ الظَّالِمِينَ إِلَّا تَبَارًا
اللَّهُمَّ اقْسِمْ لَنَا مِنْ خَشْيَتِكَ مَا تَحُولُ بِهِ بَيْنَنَا وَبَيْنَ مَعَاصِيكَ ، وَمِنْ طَاعَتِكَ مَا تُبَلِّغُنَا بِهِ جَنَّتَكَ، وَمِنَ الْيَقِينِ مَا تُهَوِّنُ بِهِ عَلَيْنَا مُصِيبَاتِ الدُّنْيَا ، وَمَتِّعْنَا بِأَسْمَاعِنَا ، وَأَبْصَارِنَا ، وَقُوَّتِنَا مَا أَحْيَيْتَنَا ، وَاجْعَلْهُ الْوَارِثَ مِنَّا ، وَاجْعَلْ ثَأْرَنَا عَلَى مَنْ ظَلَمَنَا ، وَانْصُرْنَا عَلَى مَنْ عَادَانَا ، وَلا تَجْعَلْ مُصِيبَتَنَا فِي دِينِنَا ، وَلا تَجْعَلِ الدُّنْيَا أَكْبَرَ هَمِّنَا ، وَلا مَبْلَغَ عِلْمِنَا ، وَلا تُسَلِّطْ عَلَيْنَا مَنْ لا يَرْحَمُنَا
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا . رَبَّنَا آَتِنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً وَهَيِّئْ لَنَا مِنْ أَمْرِنَا رَشَدًا . رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ
رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ (8) رَبَّنَا إِنَّكَ جَامِعُ النَّاسِ لِيَوْمٍ لَا رَيْبَ فِيهِ إِنَّ اللَّهَ لَا يُخْلِفُ الْمِيعَادَ رَبَّنَا آَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَصَلِّ اللَّهُمَّ عَلي خَيْرِ خَلْقِكَ وَأَفْضَلِ نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلي آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ العَالمَينَ
منَ العَا ئِدِيْنَ وَالفَائِزِينَ كلُّ عَامٍ وَأنْتُمْ بِخَيْرٍ
وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ الله وَبَرَكَاتُهُ


No comments: